KERJASAMA Wilujeng Sumping Mahasiswa PPG Bersubsidi Taun 2018 di Kampus Unpas Daftar Berita
Wilujeng Sumping Mahasiswa PPG Bersubsidi Taun 2018 di Kampus Unpas
CATEGORY:
Wilujeng  Sumping Mahasiswa PPG Bersubsidi Taun 2018 di Kampus Unpas

Prof. H. Asep Sjamsulbachri jeung mahasiswa PPG 2018


Kénging Prof. Dr. H. Asep Sjamsulbachri, M.Pd.

Undang-undang Guru dan Dosen no. 14/2005 geus medar 13 taun nu kaliwat kalayan udagan ngaronjatkeun ajen (mutu) pangatikan guru. Sangkan murid-muridna leuwih iceus dina nyanghareupan kahuripan anu pohara loba harang harungan.

Munggaranpisan guru dironjatkeun ku PLPG anu nyoko kana fortofolio, harita pasaratan guru anu milu PLPG the dideudeul ku fortofolio paling saeutik 5 kg bundle, meunang ngetik dijilid, mun harita ngahiras paling copel kudu meakeun waragad Rp. 500.000,- saurang, bari can tangtu lulus Pelatihan profesi pendidikan nana.

Harita mah cul murid cul salaki cul pamajikan alatan nonoman tugas pamarentah pikeun milu PLPG, ari nu nyusuan budak mah rencang dibawa, nyewa kamar hotel sangkan PLPG kacumponan budak kaurus.

Kabehdieunakeun henteu ku fortofolio deui tapi ku tes sacara daring jeung kuota ti pemda kebupaten kota tug ka taun 2017 lekasan weh PLPG teh.

Mareng jeung PLPG oge magabua nu nyertakeun sakola nu tadina D1, D2, ti UT (Universitas Terbuka) ngaluyukeun udagan undang-undang, yen guru teh misti lulusan S1. Moal dicaritakeun hesebelekena ngahontal S1 eta mah karasa ku sewang-sewangan di masing-masing wewengkon.

 

Bagian Kahiji

Taun 2018, PLPG digantiku PPG (Pendidikan Profesi Guru) pikeun mahasiswa S1 boh umum boh kependidikan (Lulusan LPTK) kaasup FKIP Unpas, Prodi PGSD oge. Mun ninggali kasang tukang mah estu pohara hadena maksud pamarentah mah, nganceuk pamikir tangtu balik deui ka pribadi, naon udangan urang miluan PLPG teh? Upami niat ibadah, didorong ku cita-cita luhur da tadina oge hayang ngawuruk elmu nya tangtuna oge alus pisan, ngan upama ngan hayang boga gawe jadi PNS (ayeuna disebut ASN, Aparatur Sipil Negara) nya etamah kumaha niatna bae.

Mahasiswa dibantu biayana ku nagara, utamana pikeun nyaosan tanaga guru pikeun daerah 3T (Terluar, Terpencil, Tertinggal). Para mahasiswa PPG teh diasramakeun, dapon dieusi ku kegiatan soft skill pikeun ngawekelan korsa guru dimana engke mancen tugas.

Malah ceuk beja di Unpa mah dirojong ku UPT Bimbingan Konseling dina miara etos jeung sumanget belajar calon guru ieu sangkan junun dina ngudag cita-citana dina basa kiwari mah ulah aya nu (DO) disebutna drop Out, mun ceuk urang Sunda mah teu junun, sabab diajar mah kudu anggeus ulah cukup ku enggeus.

 

Bagian Kadua

Guru teh digugu jeung ditiru, digugu omonganna da kaharti guna jeung manfaatna.  Ari ditiru da puguh turutaneun, da picontoeun saperti dina anggoan. Baju, calana mana anu loyog dikombinasikeun sangkan nyari turpantes, kitu deui sapatu jeung tas anu dipake sangkan siuep nambahan komara. Potongan buuk, cara leumpang estu pantes mun ditiru teh, dina hal ieu perlu ayana guru anu modis (dosen) anu bisa nyontoan dina ngalarapkeun anggoan.

 

Bagian katilu

Hirup di asrama, tangtu beda jeung di imah anu sakamar ku sorangan, ayeunamah kudu opatan, pek silih hargaan, silih eledan upamana bae kacai pek bagilir supaya sararea kabagian, sarta teu kabeurangan dimana waktu kuliah engke. Ulah poho enggon diberesan sangkan pantes jeung tartib, mun bareto ukur lagu,

Bangun tidur k uterus mandi

Tidak lupa menggosok gigi

Habis mandi ku tolong ibu

Membereskan tempat tidurku

Kitu hirup kumbuh di asrama, silih hargaan, slih ayonkeun, silih pikanyaah dina ngahontal cita-cita lulus PPG, da ngan sataun.

 

Panutup

Ka ais pangampih FKIP Unpas mugia diruwat mahasiswa PPG titipan pamarentah teh sangkan jadi guru anu pantes upama digugu jeung ditiru teh kumurid-muridna.

Pek geura petakeun sagalajarana, parasarana jeung perpustakaan pikeun ngabeungharan elmu para calon guru PPG tea. Sangkan dimana lekasan PPG ti Unpas ngajangelek : “calon guru anu luhung elmuna, pengkuh agamana, jembar budayana, tur rancage gawena.”

Kitu pamendak nu nulis tina pangalaman jadi guru ti taun 1973 tepi ka kiwari. cag gugi kadieu.***